Sabtu, 27 Februari 2010

indah



Indah....
diindahkan....
mengindah....

Anggun...
dianggunkan....
menganggun....


pikiran kitu ???

Emh,,, lamun dipiki-pikir mah hirup teh asa ramijud kieu??? loba pangabutuh, loba anu butuh, loba - loba - loba sagalarupa jeung sagalagalana..... duh dasar manusa loba kahayangna matak lieur mikirinana.....



Rabu, 24 Februari 2010

Uih Deui.....


Alhamdulillah baraya, kuring bisa ancrub deui kana masalah perblogan he he... mafhum kamari-kamari kayaan kuring rada saeutik zebook (nilepan panon ilaing mah euy) getoh hehe.....
sabadana kuring Chat (alah naon ngecet jang ) sareng pun dulur anu ti lembur baraya anu di diskotik (di sisi kota saeutik), Cep Isal Kreatif jenengana (cenah eta oge). dn tengah-tengah obrolan anjeuna nyutat sababaraha kalimah anu matak ngait kana ati ngoet kana manah ngageduk kana kalbu ngagantung dina jajantung (alah panjang teuing atuh gan maruk murwakanti nya?) ngeunaan panghasilan anjeuna dina ngablog sapanjang neuleuman elmuna sababaraha waktu katukang sarta di aplikasikeun dina mangrupa blog-blog anu dijieun sakitu nakerna (ngan 3 ge ah) cenah anjeuna geus bisa ngahasilkeun 200 ebu saminggu!!!! bayangkeun Ikhwatu Ieman sadaya!!!!! prak bayangkeun!!!! gajih naon anu panghasilanana 200 ebu sa minggu???? Tukang Cendol ge can karuhan meunang sakitu (heu2h ath da tukang cendol mah leuwih gede batan eta????). kuhalna kitu, simkuring salaku jalma nu loba pangabutuh tangtu bae kabita sarta kataji pizan kucara samodel kitu. gawe teu ripuh tapi duit gede.... waduh genah cigana nya sun lamun 2 minggu kahareup kuring bisa cg manehna..... mdh2n we, da jalan rizqi mah timana we gening ngocorna. asal urang daek ngorehanana..... leres kitu bah????
tos ah sakitu heula bubuka ti simkuring cepzeni, wilujeng maos tulisan-tulisan simkuring akang, teteh, bapa, ibu, ayi dll.

Followers

 

Copyright © 2009 by Sagalarupa Sagalagalana.....